(ISC)2 CISSP Certified Information Systems Security Professional Official Study Guide & Pra

(ISC)2 CISSP Certified Information Systems Security Professional Official Study Guide & Pra

Bahasa lain naon bedana nada jeung suasana sajak "tanah sunda" di luhur? cing tetelakeun​

naon bedana nada jeung suasana sajak "tanah sunda" di luhur? cing tetelakeun​

Teks Sajak : TANAH SUNDA

Karya : Ajip Rosidi

Héjo pagunungan, Paul lautan

Héjo, Paul, Langit na haté kuring

Masing di mana kuring nangtung

Masing ka mana kuring leumpang

Tanah lémbok tempat bumetah

Angin nyéot nyiuman tarang

Masing di mana anjeun nunjuk

Masing iraha anjeun cumeluk

Kuring mo mungpang kuring rék datang

Neueulkeun tarang neueulkeun jantung

Kuring tungtung teuteupan

Kuring tungtung

Teuteupan

Tungtung bedil

Ngincer dada

Kuring geus nyaksian getih ngabayabah

Getih maranéhanana nu mikacinta anjeun

Kuring geus nyaksian panon carelong tanggah

Jasad nu ruksak ngalungsar na dada anjeun

Héjo pagunungan paul lautan

Taya kamarasan ngan katugenahan

Héjo pagunungan paul lautan

Taya katengtreman ngan ancaman

Ngan lantaran kuring cinta

Ngan lantaran kuring tresna

Langit hibar lembur musnah

Jalan lecek ngabalungbung ka kota

Kembang beureum buah biru

Kembang wéra kembang jayanti

Tanah tempat kuring sideku

Ngurugan mun kuring tepi ka pati

Dina sajak Tanah Sunda di luhur anu jadi nada jeung suasana na nyaeta katangen sikep pangajak teh hoyongng ngabejaan ka nu maca yen najan tanah Sunda teh endah kawas sorga, tapi tetep henteu tengtrem kulantaran ancaman. Tina sikep eta urang salaku nu maca sajak bisa ngarasa keueung jeung ngahanjakalkeun ku kaayaan kitu.

Pembahasan

Nada jeung suasana eweuh perbedaan diantara na, kulantaran nada jeung suasana teh kaasup kasatuan anu teu bisa di pisahkeun dina unsur-unsur sajak sunda. Nada jeung suasana ngandung harti sikep panyajak ka nu maca, tina sikep pangajak boga tujuan ngabalukarkeun ayana suasana nu karasa ka anu maca eta sajak.

Sajak nyaeta salah sahiji karya sastra wangun ugeran atawa puisi anu henteu pati kaiket ku aturan pupuh. Unsur-unsur anu aya dina sajak, nyaeta:

  • Jejer atawa tema
  • Nada jeung suasana
  • Rasa
  • Amanat

Pelajari lebih lanjut:

Pelajari lebih lanjut materi tentang sajak sunda, pada: https://brainly.co.id/tugas/49174498

#BelajarBersamaBrainly

[answer.2.content]